Wilujeng Sumping

Wilujeng Sumping Lur di Blog simkuring...

Minggu, 10 Mei 2009

KAMPUNG ADAT KUTA


Kampung adat Kuta mangrupakeun salah sahiji adat warisan budaya karuhun urang sunda. Lokasina aya di desa Karangpaningal Kec. Tambaksari Kab. Ciamis. Ciri khas kampung adat Kuta nyaeta imah bentuk panggung tina papan atawa bilik jeung sirap tina eurih atawa daun kalapa. Jadi euweuh imah nu dijieun ditembok atawa make kenteng siga paimahan dikota. Kahirupan sapopoe umumna masyarakat Kuta nyaeta patani. Dikampung Kuta masih keneh aya wangunan warisan saperti Leuit, nyaeta wangunan anu fungsina pikeun neundeun pare hasil panen. Kampung adat Kuta pernah meunang penghargaan Kalpataru dina widang Penyelamat Lingkungan Kabupaten Ciamis ti Presdiden Republik Indonesia taun 2007. Ciri khas lainna nyaeta masyarakatna anu someah, balageur jeung basajan ditambah ku hawa anu tiis matak betah pikeun tamu nu ngahaja datang ka kampung adat Kuta. Di kampung adat Kuta masih keneh aya nu disebut leuweung Karamat. Sing saha wae nu asup ka eta karamat, boh masyarakat Kuta boh tamu kudu muka sendal atawa sapatu jeung kudu ngajaga kaomongan alias ULAH SOMPRAL... urang salaku turunan urang sunda WAJIB pikeun miropea budaya warisan Karuhun Urang, salah sahijina nyaeta Kampung Adat Kuta. Saha deui lamun lain urang turunan urang sunda pituin nu rek miropea Budaya warisan Karuhun Urang?

4 komentar:

tempat niis... (banyu alam resort - garut)

tempat niis... (banyu alam resort - garut)
foto by pupung@2009

duh raos tiisnya... ... ...

duh raos tiisnya... ... ...
lokasi : cikuya

koleksi jepretanku

koleksi jepretanku
alam...

nampang ni ye...

nampang ni ye...
he...3X

leuit

leuit
foto by pupung@2009

KATA MUTIARA

... Pasti kamu pernah dengar tentang gunung yang diberkati. Itulah gunung yang paling tinggi di bumi kita ini. Jika kamu berhasil mencapai puncaknya, yang akan kamu temukan disana hanyalah kerinduan untuk kembali berada di bawah bersama mereka yang hidup di lembah. (Kahlil Gibran)